Bandung
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
![]() |
|
|
|
Motto | Gemah Ripah Wibawa Mukti Sunda: "Tanah Subur Rayat Makmur" |
Propinsi | Jawa Barat |
Ibukota | {{{ibukota}}} |
Lega Wilayah | 167,67 km² |
Kordinat | - |
Pangeusi | |
· Jumlah | 2.510.982 |
· Kapadetan | 14.973,06 jiwa/km² |
Administratif | |
· Kacamatan | 26 |
· Désa/ kalurahan |
- |
Dasar hukum | - |
Tanggal | 25 September 1810 |
Walikota | Dada Rosada |
Kode area telepon | 022 |
DAU | - |
Situs web resmi: www.bandung.go.id |
Bandung (Éjahan Basa Indonesia heubeul: Bandoeng) mangrupakeun ibukota propinsi Jawa Barat, Indonésia. Aya di dataran luhur plateau 768 meter (mean sea level) di saluhureun laut, di daérah kaler luhurna nya eta ±1050 msl, di beulah kidul luhurna nyaéta ±675 msl, ti kordinat 107° BW (Bujur Wétan) jeung 6° 55’ LK (Lintang Kidul), legana kota Bandung kurang leuwih 16.767 héktar, dikuliringan ku pagunungan, jadi mangrupakeun cekungan (Bandung Basin), jumlah pangeusina kurang leuwih 2.1 yuta jiwa. Kabupatén Bandung mangrupakeun daérah "suburban" sakuriling Kota Bandung.
Daptar eusi |
[édit] Sajarah
Taun 1488, wewengkon nu kiwari disebut Bandung téh mangrupakeun wewengkon kakawasaan karajaan Sunda-Pajajaran. Dina mangsa dijajah Walanda, pamaréntah kolonial Hindia-Walanda ngawangun jalan nu nyambungkeun Batavia (kiwari Jakarta), Bogor, Cianjur, Bandung, Sumedang, jeung Cirebon. Hal ieu penting pikeun tumuwuhna Bandung. Malah pamaréntah jajahan geus ngarencanakeun yén wewengkon Bandung téh rék dijadikeun puseur pamaréntahan Hindia-Walanda, ngan teu jadi alatan kajadian Perang Dunya II.
Can katalungtik kumaha diwangunna kota Bandung. Nu jelas, kota ieu diwangun lain dumasar paréntah Daendels (gubernur jéndral Hindia-Walanda). Kota Bandung diwangun dumasar paréntah Bupati R.A.A. Wiranatakusumah II.
Sanggeus Indonesia mardika, Bandung jadi ibukota propinsi Jawa Barat.
Di handap ieu dibéréndélkeun nu kungsi jadi pamingpin kota Bandung (walikota):
- E.A. Maurenbrecher (1906-1907)
- R.E. Krijboom (1907-1908)
- J.A. van Der Ent (1909-1910)
- J.J. Verwijk (1910-1912)
- C.C.B. van Vlenier (1912-1913) and B. van Bijveld (1913-1920)
- B. Coops (1920-1921)
- S.A. Reitsma (1921-1928)
- B. Coops (1928-1934)
- Ir. J.E.A. van Volsogen Kuhr (1934-1936)
- Mr. J.M. Wesselink (1936-1942)
- N. Beets (1942-1945)
- R.A. Atmadinata (1945-1946)
- R. Siamsurizal
- Ir. Ukar Bratakusumah (1946-1949)
- R. Enoch (1949-1956)
- R. Priatna Kusumah (1956-1966)
- R. Didi Jukardi (1966-1968)
- Hidayat Sukarmadijaya (1968-1971)
- R. Otje Djundjunan (1971-1976)
- H. Ucu Junaedi (1976-1978)
- R. Husein Wangsaatnaja (1978-1983)
- H. Ateng Wahyudi (1983-1993)
- Wahyu Hamidjaja (1993-1998)
- Aa Tarmana (1998-2004)
- H. Dada Rosada, SH,MSi (2004-kiwari)
[édit] Motto
Motto Bandung kiwari unina "Gemah Ripah Wibawa Mukti", sakumaha nu sok kabaca dina lambang Kota Bandung, nu hartina 'tanah subur rahayat makmur'.
[édit] Pamaréntahan
Kota Bandung dibagi kana 26 kacamatan:
- Sukasari
- Cidadap
- Coblong
- Cibeunying Kalér
- Cibeunying Kidul
- Sukajadi
- Cicéndo
- Andir
- Bandung Kulon
- Babakan Ciparay
- Astana Anyar
- Bojongloa Kalér
- Bojongloa Kidul
- Bandung Kidul
- Régol
- Léngkong
- Sumur Bandung
- Bandung Wétan
- Kiara Condong
- Batununggal
- Cicadas
- Margacinta
- Rancasari
- Arcamanik
- Ujungberung
- Cibiru
[édit] Ciri lemah
Bandung kawentar ku lobana wangunan warisan arsitéktur Walanda:
- Gedong Saté, kiwari dipaké salaku kantor Gubernur Jawa Kulon.
- Hotél Savoy Homann di Jalan Asia-Afrika
- Gedung Dwi Warna
- Gedung Merdéka, wangunan historis tempat lumangsungna Konferénsi Asia Afrika taun 1955
- Gedung Pakuan, kiwari dipaké rumah dines Gubernur Jawa Kulon
- Gedung Yayasan Pusat Kebudayaan
- Museum Géologi Bandung
- Gedung UPI (Villa Isola)
- sababaraha wangunan heubeul di Jalan Braga
Ciri séjén:
- Masjid Agung Bandung, di alun-alun Bandung
- Babakan Siliwangi
[édit] Transportasi
Sarana transportasi utama di Bandung nyaéta angkot (angkutan kota) kalayan rute-rute anu geus tinamtu. Aya ogé taksi anu jumlahna henteu pati loba, tapi éta oge henteu populér. Beus nyadiakeun rute transportasi pikeun di jalan gedé tur jarakna anu jauh.
Jalan karéta api ngahubungkeun Bandung ka Jakarta jeung Cianjur ka beulah kulonna, sarta Tasikmalaya jeung Cilacap ka beulah wétanna. Karéta ogé mangrupakeun transportasi utama pikeun wilayah tatangga kaasup Cimahi, Padalarang, Rancaekek jeung Cileunyi nu perlu bulak-balik ka Bandung unggal poéna.
Bandara utama di Bandung nyaéta Husein Sastranegara, nyadiakeun penerbangan ka kota gedé-kota gedé di Indonésia.
Sasak Pasupati diwangun pikeun ngahubungkeun beulah kalér jeung beulah kidul Bandung ngaliwatan lembah Cikapundung. Panjangna 2.8 km kalayan lébar 30-60 meter.
Jalan tol Padaleunyi ngahubungkeun Padalarang, Cimahi, beulah kidul Bandung jeung Cileunyi. Jalan tol nu ngahubungkun Padalarang jeung Purwakarta oge geus bérés diwangun, disebut Cipularang (Cikampek-Purwakarta-Padalarang) nu mangrupakeun jalan panggancangna nuju ka Jakarta. Jalan tol Cileunyi-Sumedang-Cirebon ogé geus direncanakeun pikeun diwangun.
[édit] Atikan
Di Kota Bandung loba tempat pendidikan nu geus kasohor ku urang balarea diantarana nyaéta :
- Institut Teknologi Bandung
- Institut Teknologi Nasional
- Institut Teknologi Adityawarman
- Universitas Padjadjaran
- Universitas Pendidikan Indonesia
- Universitas Agama Islam Negeri Sunan Gunung Djati
- Universitas Pasundan
- Universitas Komputer Indonesia
- Universitas Katolik Parahyangan
- Universitas Islam Nusantara
- Universitas Kristen Maranatha
- Universitas Islam Bandung
- Universitas Advent Indonesia
- Universitas Langlangbuana
- Universitas Bandung Raya
- Universitas Jendral Achmad Yani
- Universitas Winaya Mukti
- Universitas Nurtanio Bandung
- Universitas Widyatama
- Sekolah Tinggi Manajemen Informatika & Komputer Likmi
- Sekolah Tinggi Pemerintahan Dalam Negeri
- Sekolah Tinggi Teknologi Telkom
- Sekolah Tinggi Pariwisata (NHI)
- Sekolah Tinggi Pariwisata AKTRIPA
- Sekolah Tinggi Manajemen Bisnis Telkom
- Sekolah Tinggi Tekstil
- Politeknik Manufaktur Bandung (PMS - ITB)
- Politeknik Negeri Bandung
Ditambih deui sakola SMU negeri sareng swasta nu janten favorit di Bandung nyaéta:
- SMU Negeri 3 Bandung
- SMU Negeri 5 Bandung
- SMU St. Aloysius Bandung
[édit] Wisata jeung Ékonomi
Bandung jeung sabudeureunnana mibanda atraksi wisata nu réa, diantarana:
- Gunung Tangkuban Parahu di beulah kaléreun kota.
- Maribaya
- Lémbang
- Waduk Jatiluhur (di Kabupatén Purwakarta)
- Saung Pak Udjo
Bandung oge kasohor ku outlet pakéannana, nu narik pangunjung ti kota-kota sabudeureunnana (hususna ti Jakarta), utamana nalika ahir minggu jeung poéan peré:
- Outlet industri pakéan Denim di sapanjang Jalan Cihampelas
- Kiwari, kasohor minangka "Kota Wisata Balanja", sabab loba Factory Outlet nu ngajual produk garmén ex-export.
- Bandung oge kasohor ku industri garménna, produk nu teu kaékspor dijula kalawan harga anu leuwih murah di factory outlet di Bandung, hususna di Jalan Ir. H. Juanda (Dago) jeung Jalan R.E. Martadinata (Riau)
- Aya ogé industri sapatu di Cibaduyut, beulah kidul Bandung.
Loba kadaharan di Bandung. Bandung ogé kasohor ku dahareun hasna, saperti peuyeum.
Bandung narik loba wisatawan ti Jakarta, nu kadang-kadang nyababkeun kamacétan lalu- lintas. Pangpangna nalika askabeh warga Jakarta keur liburan alatan APEC Convention, lalu-lintas di Bandung macét total leuwih ti 8 jam.
[édit] Olah raga
Bandung mangrupakeun kota tempat nganjrekna tim maén bal Persib Bandung. Tim maén bal Persikab Bandung nganjrek di tatangga kotana Cimahi sanajan nyandang ngaran 'Bandung' ogé. Aya ogé tim maén bal séjénna kalayan bobotoh nu leuwih saeutik saperti Bandung Raya. Stadion pangkasohorna nyaéta Stadion Siliwangi.
Olah raga kasohor lianna di Bandung diantarana Bulu tangkis jeung Bal Karanjang.
[édit] Tempo ogé
[édit] Tumbu kaluar
Bandung ogé mangrupakeun ngaran hiji inuman Malayu nu dijieun tina susu nu dicampur ermawar.
|
![]() |
---|---|
Kabupatén: Bandung | Bekasi | Bogor | Ciamis | Cianjur | Cirebon | Garut | Indramayu | Karawang | Kuningan | Majalengka | Purwakarta | Subang | Sukabumi | Sumedang | Tasikmalaya |
|
|
![]() |
---|---|
Kacamatan: Andir | Arcamanik | Astanaanyar | Babakanciparay | Bandung Kidul | Bandung Kulon | Bandung Wétan | Batununggal | Bojongloa Kalér | Bojongloa Kidul | Cibeunying Kalér | Cibeunying Kidul | Cibiru | Cicadas | Cicéndo | Cidadap | Coblong | Kiaracondong | Léngkong | Margacinta | Rancasari | Régol | Sukajadi | Sukasari | Sumurbandung | Ujungberung |